Senin, 21 Juli 2008

Teu Jadi ka Pameungpeuk

Kira-kira 2 minggu saacanna urang geus ngarencanakeun rek ngilu. Padahal di Bogor urang jadi panitia ospek mahasiswa baru. Tadina urang teh rek izin pulang ti tanggal 17 nepi 22, da tanggal 19-20 rek aya acara ka Pamengpeuk tea. Alhamdulillah tanggal 14 pagawean geus teu beurat teuing, urang teh balik we ka Garut, lumayan aya waktu keur babantu di imah.

Peuting tanggal 18 teh urang geus nyiapkeun barang bawaeun, cemilan, sikat gigi, baju ganti, ah pokonamah persiapanna geus pol-polan. Ngan aya keneh nu kurang, pan mun aya acara, urang sok nginjeum kamera digital ka babaturan bapa. Peuting eta, kabel datana tinggaleun di SMA tempat bapa ngajar. Mun euweuh kabel eta mah atuh sarua jeung teu nginjeum, da urang kudu transper heula data nu aya di jero kana PC. Tadina mah rek dibawa isuk-isuk saaacan urang indit, tapi bisi riweuh, jadi urang jeung bapa melaan titirisan mawa kabel data ka SMA. Saacan urang sare, persiapan geus beres, tinggal dagoan isuk indit. Ngan beuteung urang mules, sare ge teu tibra. Jam 3 urang hudang, terus teurab tapi nu aya ambeuan tea gening. Urang teh terus we ka jamban,eh di cai urang kalaka utah. Euh, ieu mah asup angin. Kumaha atuh isuk?

Alarm disada jam satengah lima, urang geuwat hudang, tapi masih keneh leuleus. Tadina mah urang teh moal mandi, rek langsung indit we, tapi bisi beuki leuleus, maksakeun mandi we urang teh, tiis-tiis oge. Sanggeus make kostum indit, urang masih keneh ngarasa gering. Urang teh nga-SMS Dinar weh, nanyakeun kira-kira mun ngilu urang kuat moal, tapi SMS keur si Dinar pending rada lila, urang teh nga-SMS Budpi weh, nanyakeun nu tadi. Ceuk si Budpi, kuma urang we cenah, da urang nu bisa ngarasakeun jeung ngira-ngira kuat moal. Urang teh da bisi beuki parah, jeung mun ngilu bisi jadi ngarepotkeun mun urang kateterusan, jabaning poe senen urang kudu ka Bogor deui, tungtungnamah batal we urang ngilu ka Pameungpeuk teh, padahal... arrrgghghhg! Sanggeus nginum obat, urang gogoleran nepi jam 7-an. Alhamdulillah pas hudang deui urang geus sehat. teu mules deui, teu leueleus deui. Duh jadi hayang ngilu, tapi da geus telat. Urang teh nyetel tipi weh, eh teu lila terus pareum listrik gera. Sugan teh nya moal lila, urang teh ulin we jeung adi urang, ngajar maca, maen kartu, nyanyi, sare deui, hudang deui, pareum keneh. Bosen, hanjakal teu ngilu, padahal urang geus sehat, mun indit ge sigana kuat. Terus urang nga-SMS Dinar, nanyakeun saha wae nu jadi ngilu, trus geus nepi mana. Tapi si Dinar teu ngabales. Ka si Medal we urang teh nanyakeun. Eh, si Medal ge teu jadi ngilu, aya acara keluarga cenah, si Pito ge teu jadi ngilu deuih da sarua aya acara keluarga. Urang teh nga-SMS si Gilang, teu ngilu deuih. Ari nu jadi ngilu saha wae atuh? Urang teh curhat we ka Si Gilang, sedih teu jadi ngilu. Ceuk si Gilang teh sing sabar cenah, moga-moga jadi kifarat dosa. Urang teh rada insap we diomongan kitu mah.

Lohor lewat, listrik can hurung wae, adi urang sare, euweuh batur, gigitaran bosen, maca hoream, dahar teu lapar, bingung kudu nanaonan urang. Hanjakal teu ngilu, urang teh asa hayang ngambek, tapi ka saha, da salah urang sorangan. Bapa urang balik jam 1-an jeung mamah, trus naranya kabar urang. Urang curhat ka bapa, hanjakal teu ngiring, padahal urang teu gering parah. Ceuk bapa teh boa teuing mun ngiring mah moal damang, boa teuing damang teh da istirahat di bumi. Ceuk bapa teh candak hikmahna we, da urang mah manusa, ngan tiasa gaduh kahoyong sareng usaha, da anu nangtukeun mah tetep Alloh. Sakumaha asakna urang gaduh kahoyong ari Gusti teu ngawidian mah da moal cumpon. Pokona intina ceuk bapa kitu. Urang ge insap deui weh geus kitu mah.

Jam 4 listrik karek hurung deui, sanggeus solat urang langsung balas dendam, maen REVOLT. Saacan magrib, urang nga-SMS Widi, nanyakeun keur naraon di Pameungpeuk. CeukWidi, barudak keur maraen bal di Santolo, nyoo cai, terus nonton sunset. Alah, ieu mah, urang beuki haneueul. Lain nanaon euy, urang teh neangan pareasi. Lately, gawean urang ngan rapat, atawa ulin ka cyber, mun henteu kitu gigitaran. Terus urang ge kangen ka barudak FOS, geus lila teu ulin bareng deui. Tungtungnamah urang teh nulis ieu we da euweuh nu rame deui.

Hhhh...moga-moga engke kagantian ku acara nu lain. Amin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar