Minggu, 06 Maret 2011

Himaga

Hiji poe, abdi parantos uih ti rapat MAX!!. pas ngalangkung ka kortan, aya rerencangan HIMAGA nuju ngempel, abdi teh disauran we dipiwarang ngiring kempel. Di kempelan eta abdi diemutan ku Kang Abdal, yen abdi tiasa kieu ku lantaran aya HIMAGA, da anu ngenalkeun IPB ka mahasiswa IPB nu ti Garut teh HIMAGA, janten urang teu kenging hilap ka HIMAGA. Tah ti dinya abdi rumaos tos rada tebih ti dulur salembur. Dinten saptu kamari, HIMAGA IPB ngayakeun acara silaturahmi dosen-mahasiswa IPB, mung ngadadak dosen-dosen anu asli Garut teu tariasa dongkap. Sanajan kitu, acara tetep jalan, lancar, tur rame. Mung hanjakal abdi ngan tiasa ngiring dugi ka tabuh opat. Ieu poto-poto di acara anu kamari, mangga ditenjo.

Rizki Eka, ketua panitia acara. Eka teh mantan calon mahasiswa Departemen IKK FEMA :D

M. Seftian, pupuhu Himaga taun ayeuna. Ian kantos ditawisan mingpin Gama Sigma Beta (Himpunan Kapropesian Departemen Statistika IPB), mung teu janten
Emsi acara, Seh jeung Ika
Kang Abdal, salah sahiji jajadug Himaga. Sanajan tos damel, Kang Abdal sok ngahaja nyumpingan acara-acara Himaga
Himaga taun ayeuna mah gaduh jargon. "Der Ah!" kitu cenah jargonna

Saacan tampil, Uul ngabanyol heula
Uul ngagitar, Yane nyanyi
Yane sorana hipu, matak raoseun anu ngadangu
Saur Ian mah Uul teh budak Himaga anu paling gaul :p
Si emsi ngiringan ngibing, soantenna oge sae

Kumargi abdi teh gening tos semester akhir, urang bari sosonoan we yu, ningalian poto-poto Himaga ti jaman abdi masih ngora.hehe. Mangga dihaturan.

Tah ieu teh poto waktos buka saum sasarengan di bumi Pak Asep Saefuddin, dosen Departemen Statistika IPB asli Garut. Rakana Pak Asep ngawulang oge di Departemen Gizi Masyarakat, namina Pak Hidayat Syarief.

Waktos mudik ka Garut babarengan. Poto ieu dicandak pas nuju nuang saur di puncak. Tiap taun Himaga osok ngayakeun acara mudik babarengan.

Waktos ameng sasarengan di kawah kamojang Garut.

Ulin babarengan di kebon raya Bogor

Mung sakitu dulur, anu ku singkuring kapihatur. Babaturan sa-OMDA (Organisasi Mahasiswa Daerah) teh dulur urang anu paling deukeut, tong nepikeun ka poho ka dulur (sanajan abdi oge sakapeung tara sumping mun aya kempelan.hehe).

3 komentar:

  1. meuni sunda pisan..lieur da macana :p

    BalasHapus
  2. haha.urang sunda kudu nyunda :p

    BalasHapus
  3. Sim kuring ngaos ieu tulisan sabari muka kamus "John M. Echols sareng Hasan Sadili" mung kekeuh we teu mendak hartos sababaraha kata kang,ahahaha
    Sim kuring hoyong diajar deui bahasa sunda kang, nyuhunkeun bantosan nana,ehehe

    BalasHapus